Lirik Persib Ngimpi Jadi Juara

Kungpow Chikens - Ngimpi Jadi Juara

- - - - -Prologue- - - - -

Hah pokona, ayeuna mah pasti meunang persib lah (Pasti setuju saya jang Andi)
Piraku eleh wae nya, ngerakeun (Pasti kudu meunang ayeunamah)
Eeh kela eup eup eup Kang eup eup! (kang kang eup !)
Naaaha asa jadi loba beus kieu ning ? 
(Nnya jang Andi ka stadion teh geuning loba nu mawa koper ieu mah ? )
Nnya, kang lain STATSION kang STADION ! ( STADION ! Ka Stadion )
Heeeh kumaha tukang beca teh !

- - - - - - - - - - - - - - -

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Yeuh dengekeun aya hiji carita
Buru kadieu tapi eta geura pake calana
Era lulumpatan gubal-gabel talanyang kamana-mana
Bari jeung sok mamawa bola
Tapi poho ari neu'neun calanana dimana
Sok atuh geura bari di angge acingna
Era ku pa Dada, jeung pa Kapolda
Ka stadion nonton persib bari jeung tata tertib

Bisa raribut jeung garelut sabari hitut !
Coba geura mikir, dibejaan ku kolot teh tong sok cungar-cengir, bisi mubazir
Nengeulan kaos warna oranyeu tapi salah sasaran
Padahal eta teh tukang parkir !
Pantesan tara juara wae,
Ngajungjung sportivitas teh meuni hara rese
Loba aleusan ieu itu, ceunahmah!

Pamaena goreng, pelatihna goreng, wasitna goreng
Nu ngadengekeun lagu ieu oge pastina goreng !

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Ieu teh bisa lalajo Persib maen bola
Tapi lalieur duit jang ongkosna euweuh teu boga
Mun lalajo di TV pasti kurang rame
Bari na oge TV di imah hiji-hijina geus nyangsang disakolakeun ka pagadaian !

Milu nonton di tatangga ngan hanyakal TV na heunteu berwarna
Beki lieur kabeh pemain jiga wasit make saragam hideung, sarua !
Rek neang batur jang tebengan
tapi si emak mah titah meuli kapuk kapasar 
Jadi tinggaleun ku barudak
Nu sejen geus tiheula nu aya urang ngan olangan !

Dari pada nyaho hasil pertandingan ngan saukur di beja Nya ayeunamah 
Modal nekat, kumaha eungke, eungke kumaha
Nu penting ayeunamah he'es sugan ngimpi Persib jadi juara !

("Ngorok")...........("Ngorok")............GOOOOOOOOOOOOL !!! Aing ngompol

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mangga nyanggakeun Jaenal Timberlake !

Cing cangkeling manuk cingkleung cideuteun
Plos kakolong bapa satar buleuneung
Aya lampu di masigit caangna kamana-mana
Aya lalaki jangkung alit manukna kamana-mana

( Weeh ! edan euy jang Andi ) 
hebat nya, ieu mah siga Justin nya jang Abdul,
( Heuuu, eeh jang Andi eeeeuh )
Siga Justin teu ? 
( hah ? ) 
Siga Justin teu ? 
( Heunteu. ) 
Euuh...

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

Mun ceuk urang tajong ceuk maneh gol !
Tajong ( Gol !) Tajong ( Gol !)
Mun ceuk urang Persib ceuk maneh juara !
Persib ( Juara !) Persib ( Juara !)

_ _ _ _ _Epilogue_ _ _ _ _

( Jang Andi mangga kaleubeut, ieu, ieu sok, )
Eh he heh, Aduh Nuhun hatur hatur nuhun, mangga nuhun
( jang Andi mangga di leu'eut keusik jeung semen )
Eh sakanteunan we jukut kunaon sih ! Kang kunaon bieu teu nonton ?
( Aduh kahiji hampura saya teu nonton
Wheuh rame pisan, Wheuhh, rame naha make teu non kunaon teu nonton na TV ?
( Hah TV hiji-hijina di imah euweuh )
Naha ?
( Da TV na ge teu boga jang Andi )
huh pantesan !
( heh kumaha ? )
Huh rame pokonamah tadi tehnya, 
( Wohh )
Overcut, jabna asup, kiri kanan sampe ka KO-KO na 
weuh edan pokonamah
( Ai jang Andi lalajo naon ?)
Tinju !

- - - - - - - - - - - - - - -

*Lirik ini di pertama kali di Publish di blog ini pada tahun 2011. Di perbaharui Tahun 2020 disertakan juga Video Liriknya, hatur nuhun 😁 :